Rabu, 23 Juli 2008

Wilujeng Kantun















Maneh, nu nincak na sesa-sesa tapak
Lengkah nu beuki anca. Ambekan nu beuki ngipisan
Panon nu ngadadak beueus. Teu wasa ngarekam rasa hanjakal

Maneh, lain lengkah panganggeusan
Boa, cikal tina pucuk-pucuk nu renung

Jumat, 18 Juli 2008

Saratus Minus Sapoe

ITUNGAN bulan mah 100 poe teh kira-kira sarua jeung 3 bulan. Mun nu maot geus 3 bulan biasana sok aya salametan natus. Nu kakandungan ge mun geus liwat 100 poe sok salametan nilu bulan. Atuh mun aya pamingpin nu jeneng, biasana sok dibere komitmen kinerja 100 hari.

Naha bet nyaritakeun itungan 100 poe? Siga nu keur cacarakan ngitung waktu atawa mancegkeun hate nu keur babalitungan poe? Ah, tapi da teu pira tina maca titimangsa 9 April 2007 nepi ka 16 Juli 2007. Pas diitung-itung teh, horeng aya 99 poe. Nya, mun dipunjulan hiji mah jangkep 100 poe.

Cek dina titimangsa, 9 April 2007 teh aya kagiatan Lawung Panyajak Sunda di GK Rumentang Siang. Ngan, palebah 16 Juli 2007 mah lapur teu kapaluruh. Da asa piraku eta kagiatan nepika meakeun waktu 100 minus sapoe.

It's nothing... teu kudu dipikiran teuing!

Selasa, 08 Juli 2008

Angka










bae awak mah tuus ku umur oge
bae hate oge terus disundulan waktu

ngan ulah uteuk mah
tong nepika ngoletrak kagaringan

butuh keur babalitungan.. sangkan teu geseh itungan!

Kamis, 03 Juli 2008

Dongeng Budak Harak

Aya dongeng budak harak.

Hiji poe, manehna dibahanan sakantong paku ku bapana. Unggal manggih kaambek atawa pagetreng jeung batur, manehna dititah nancebkeun hiji paku dina pager pakarangan.

Poe kahiji manehna nancebkeun 37 paku dina pager.

Minggu saterusna, unggal poe eta budak harak teh diajar meper kaambek nepika paku-paku nu ditancebkeun teh beuki ngurangan.

Manehna meunang kacindekan yen leuwih gampang nahan amarah batan nancebkeun paku hiji.
Antukna, dina hiji waktu manehna geus teu perlu nancebkeun deui paku. Gasik bebeja ka nu jadi bapa.

Ku si bapa, eta budak unggal poe dititah nyabutan paku hiji-hiji saban bisa nahan amarah. Saterusna, unggal bisa meper kaambek manehna nyabut paku nepika ahirna manehna mawa beja yen kabeh paku nu nanceb dina pager teh geus kacabut.

Si bapa laju nyarita kieu:

"Anaking, anjeun geus ngalakukeun budi nu hade. Tapi coba tingali, loba liang tapak paku dina pager. Pager teh teu malik deui ka asal. Tah, mun anjeun ambek atawa pasea jeung sasama, bakal ninggalkeun tapak siga dina pager.

Anjeun bisa nubleskeun balati kana tonggong batur tuluy nyabut deui eta balati, tapi bakal ninggalkeun raheut.

Sarebu kali acong-acongan menta dihampura, sarebu kali ngebrehkeun rasa hanjakal, raheutna tetep bakal nyesa. Raheut ku ucapan sarua peurihna jeung raheut ku pakarang."