Kamis, 19 Juni 2008

Hajarrr, Bos!

Unggal peuting dibebenjokeun Fernando Torres cs nu keur manggung di Euro 2008. Sanajan isukna hudang tara kurang ti jam 9.00 beurang, "Rejeki geus beak dipacok hayam," ceuk Mang Cacah nu pangtarikna ngabahas mengbal, tapi tina siaran tunda. "Ah, hayam ayeuna mah masih keneh nyorokcok nepika tengah peuting, jadi teu nyubuh wae macokna," cekeng, itung-itung ngabela diri.

Pertandingan Jerman vs Austria ragot pisan. Nu eleh pelatihna, da duanana loba protes nu antukna diusir ku wasit. Kacipta ramena ge, ketang, ngan kasaksian tina televisi.

Beda jeung nu ragot di Lapang Badak Putih Cianjur poe Rebo mangkukna. Sarua mengbalna mah. Teu pira nu manggungna mah 'bebenjit' tim U-18, Perkesit Cianjur lawan Persikabo Bogor. Nu ragot justru asisten pelatih Persikabo ngudag-ngudag hakim garis alatan teu puas timna eleh. Atuh, ger we... maneha ditapuk ku penonton nu rajleng ti balkon. Hajarrr, Bos!

Cek Mang Cacah keneh, nu miluan ngabeberik asisten pelatih bureuteu nu cenah mantan pemain nasional, "Eta teh pelampiasan kaambek gara-gara harga BBM naek," cenah, teu euleum-euleum eta alesan.

Naha di Jerman jeung di Austria ge BBM teh naek? Cik ah, urang taroskeun ka Tante Merkell!

Rabu, 11 Juni 2008

Ibadah

Cenah ibadah teh hablumminallah, hubungan inya jeung nu nyipta.
Geuning mikacinta ka nu nyipta teh loba pisan anggeranana...

Akidah ge aya panta-pantana.
Padahal, hubungan kula jeung nu maha kawasa istuning hak individu nu pang asasi-na

Halah, ning cape mun dipikiran mah....

Selasa, 10 Juni 2008

Wanci Ratri

Peuting nu wingit. Nalika Bagawan Wisrawa ngadadarkan Sastra Jendra Hayuningrat ka Dewi Sukesi. Nalika diri adu hareupan jeung jatining diri. Nalika jiwa jeung raga rekah keur negeskeun rusiaha alam nu pangmuskilna.

Peuting, nalika salira geus lain sasaha...